Materi Ngenaan Wawacan

Wawacan teh asalna tina kata waca anu hartina "baca". Sedengken wawacan harti anu sederhanana mah nyaeta "anu dibaca". Ari pengertian sederhana tina wawacan mah nyaeta hiji karangan anu dibacana ngagunakeun wangun pupuh anu aya 17 tea. Dihandap ieu bakal aya pengertian wawacan, gelarna wawacan, sareng cara nembangken wawacan. Silahkan menyimak.
wawacan
wawacan


1. Pengertian / Hartos Wawacan

Wawacan dina sastra sunda wawacan teh nyaeta hiji karangan anu ditulis dina wangun pupuh. Eusina ngebrehken hiji gunggungan carita anu ngandung hiji tema. Caritana panjang, sabab diwangun ku loba palaku anu ngalalakon sarta jalan caritana loba bagianana. 
Wawacan kaasup kana wangun fiksi. Nyaeta naon-naon anu dicaritakeun sagemblengna ukur rekaan atawa imajinasi pangarang.

2. Gelarna Wawacan

Gelarna wawacan nyaeta jol na tina kasusastraan Jawa dina abad ka tujuh belas. Mimiti ayana ti lingkungan menak, santri, bupati, sareng lingkungan pasantren.
Conto-conto wawacan anu aya di lingkungan pasantren nyaeta :
  • Wawacan Amir Hamzah.
  • Wawacan Nabi Paras.
  • Wawacan Gusti Patimah di babarkeun.

3. Cara Nembangkeun Wawacan

Lantaran dumasar kana patokan pupuh, wawancara biasana ditembangkeun make lagam pupuh anu 17. Cara nembangkeunnana dibedaskeun, didengekeun nunu nu aya dina eta riungan, anu kitu teh nyeta disebut seni beluk.


Wawacan anu mangrupa karya anonotem diantarana wae wawacan Ogin, Ahmad Muhamad, Samaun, Ranggawulung, Surianingrat, Suriakarta, Amir Hamzah, Darumaya, Indra Bangsawan, Abdulu Muluk, Johar Manikan, jeung Nabi Yusuf.
Aya oge conto-conto wawacan anu geus dicitak tiasa ditinggal DISINI.